Lirik Lagu Mojang Priangan, Nining Meida

Trend Music3612 Dilihat

Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan

Umat-imut, lucu
Sura-seuri, nyari
Larak-lirik, keupat
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang Priangan

Gareulis, maranis
Disinjang, lalenjang
Éstu surup mun leumpang
Mojang Priangan

Di gigirna gé lenggik
Ti hareupna gé sieup
Di tukangna gé lenjang
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan